maker gif

Sabtu, 14 Juli 2012

Carita Pondok (Basa Sunda)


Saung Panineungan
Oleh : Leon Eskenedi


Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang deui tapi kamari nya leubaran ayeuna pisan  kuring neang deui eta saung, saung teh geuning  taya obahna ti baheula neupi ka ayeuna istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali jangji nya didinya pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup babareungan tapi, kiwari geuning teu kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan.
Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka wahangan leutik di leubah wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha bae anu ngaradon nyeuseuh meuni rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon nyareuseuhan didinya, nya didinya kuringge sok silih simbeuh jeung Iis mun kabeuneran Iis keurnyeuseuh  malah peurnah ti gujubar duaan ari kabeuneuran otel kamalinaan  nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa bagja pisan.
Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum jagong paduduaan jeung Iis teh ari meuleum di campur jeung otel tungtungna jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi bahan pangheureuyan silih doletkeun kana  beungeut atuh Iis teh camelong kitu deui kuring , kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh nya campur jeung kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis.
Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus jangji da kitu geuning kolot anjeun Iis teu satuju ka kuring pedah kuring jalma nu batan sakieu tuna harta tuna harti, nya ku kolot anjeun anjeun di jodokeun ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring lunta ti Lembur rek makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di reubut batur keuna ku paribasa meuncit meuri dina rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri kupanyakit kabogoh di reubut batur  meni keuna pisan eta sisindiran teh.
Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring di angkat jadi guru Sakola Dasar  tug neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung indung na barudak.
Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta saung bating teu arapaleun eta di jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung Iis geuning suwung teu panggih duka dimana.

1 komentar: