maker gif

Selasa, 17 Juli 2012


Carbung  (Basa Sunda)

  Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 2)

Oleh Leon Eskenedi

D
ina hiji peuting pasna malem jumaah, di rohangan aula loba mustami anu ngadon bareng ngadoa, kuring gular-goler di kamar teuing kumaha na aripek teh kuring rarasaan sirah   lieur jeung berat  sirah asa rek belah nya teu  kuat pisan kuring ngagorowok bari humarurung bumi alam asa muter panon asa rek kaluar kuring gurang-geurungng nahan kanyeuri, teu pati lila  datang kang Ipin  “kunang jang Leon” paribasa ari nyarita ka kuring teh teu lesot ti Ujang, kuring teu bisa ngajawab boro-boro hayang ngomong nujelas mah kuring nahan kanyeuri kaliwat saking iwalti gurang-gerung bari kokosehan siga nu keur ngaleupaskeun nyawa, teu pati lila kuring di gotong ku opatan dibawa kurohangan aula nudipake ngariung, kuring di golerkeun di teungah teu pati lila mama datang bari nanya “kunaon ujang..?” boro-boro bisa ngajawab kuring angger gurang-gerung, “siganamah kalebetan mama” , ceuk salah sahiji jalma nu ngilu ngariung didinya, “piraku ceuk mama” bari nyeukelan tarang kuring  sangges nyekelan tarang mama gogodeg  “coba menta cai” ceuk mama  trus mama ngadu’a teu pati lila kuring di inuman, geleser cai asa es tikoro anu karasa panas asa kabanjur ku es  rarasaan teunyeuri teuing  tapi geuning teu biasa  geurak  awak asa teu boga tanaga batan dipaksaken ah meaning peureum keun bae teu karasa deui kuring leus teu ingeut ka bumi alam.  
Titingalian asa di tengah leuweung rubuk rabak enya ieu teh kuring aya di hanapeun tangkal kai nu badag bisa dipake nyalingker nyuput, hawar hawar aya sora nungagerem dedengean mah asa sora ngageremna ajag lalauna kuring ngeteyep noong eta sora  asa teu percaya kuring gigisik bisi salah tempo tapi angeur nu di toong teh teu obah enya eta teh jalma buukna ngarewig tapi ramo-ramona aya kukuan sareuket siga kuku heulang marencos eta mahluk guram geurem bari ngorowotan bangke banteng,
“grrrrrr,……grrrrr,…..grrrrr” 
sorana pikakeueungeun bari jongjon cacaleuhakan ngadahar daging bangke banteng. Hate kuring jadi tagiwur ratug jajatung jadi sieun ningali mahluk pangawakana manusa tapi leungeun jeung sukuna siga sato kaciri huntuna ge persis ajag sareukeut aya sihungan.  Kolebat rarasan tukangeun aya nu ngolebat tilu kali ngolebat trus di reret suwung teu katembong tapi rungkun mah kaciri oyag siga nu geus ka oyagkeun hate beuki tagiwur bae meni seber pisan jantung ratug tutunggulan bulu punduk muringkak asa kandel ras inget kana papatah mama dimana hate keueung anjeun kudu dzikir ka Allah, tuluy kuring nyobaan dzikir “lahaola wala kuata ilabilahi aliyiladzim, La ila ha illaloh, Allah,Allah,Allah”  terus we kuring dzikir,  na ari keur jongjon kuring dzikir bari peureum kadengan barag-brig-brug jeung guar-gaur sora ajag siga nu keur diadu  bray benta kuring ningali ka tempat mahluk nu di toong tea euleuh jadi opat anu tadi barang dahar teh di rempug ku tiluan eta mahluk di tarajang ti lebah tukangeunnana  jelas nu ngroroyok teh nyokot tilu posisi  kenca katuhu jeung tukang tapi eta mahluk anu saurang meni rikat depok bari sukuna nyusul kanu narajang tukangen tadi buk nengel pisan tejehannana teh cleng ngacleng pas harepeun tangkal nu di pake nyumput ku kuring  lenyap hate beuki ngaleunyap kuring sieun katohian nyumput  teu ka tingali deui kerewek leungen kuring aya nu ngajewang di gusur ngajauhan tempat eta kuring di gusur tapi asa harampang lumpat nuturkeun nu nyekelan leungeun kuring meni pageuh pisan  bari lumpat kuring ngilik-ngilik saha nu ngagusur teh geuning jalma nu make jubah bodas buuk jeung jangotna paranjang bodas pisan euluhj geus kolot pisan na mani beudas pisan teu pati lila si aki teh ngaganjleng ngajaul kaluhur kuring kabawa  terus kaluhur jadi ngapung kuring hanapeunana asa hibeur eh beuneur hibeur kaluhur na pikir asa teu percaya beuki lila beki ngawang-ngawang  as geus jauh pisan kakara si aki teh ngeureunan hibeurna 
 “Jang lain tempat andika tadi teh, tempat andika mah tuh diditu”  
Bari ngerewek kana baju si aki ngabalang keun kuring ka handap Goak atuh kuring ngagorowok soak jeung reuwas
“Aaaaaaaaaaaw”
kuring murag ka handap leunyap hate ngalenyap les kuring kapiuhan.
Gubrag rarasaan ngagubrag  bray beunta korejat kuring ngorejat mana horeng kuring ngimpi ari ret di sabuderen geuning loba nunungguan
“Alhamdulilah, Ujang geus sadar” 
sora mama dareda ka reret aya kang Ipin jeung nu sejenna,
“dimana ieu teuh mama”
kuring nanya,
“ke dongeng na mah jang, ayeuna mah sok ngaleueut heula”
ceuk mama bari ngasongkon cai herang dibotolan plastik, regot cai di inum asa hanaang  menang sateungah botol mah asa ku ni’mat.
Bray panto kamar muka lol hiji pangawakan bersih make jas dokter  geubeug kakara sadar mana horeng kuring aya di kamar pasen rumah sakit ret ka mama melong ngadung harti nanya, mama unggek  bare merean jalan ka dokter “parantos gugah ayeuna mah” ceuk dokter
 “muhun mangga di parios deui”
tembal mama , kancing baju kuring di bukaan ku dokter terus dada kuring ditempela atal pamariksaan , sup ngasup ken alat pamariksaan suhu kana kelek kuring teu pati lila “Sehat lah normal” dokter biantara deui ka mama,
“ pami kitu mah tiasa mulang ayeuna dokter.?”
Mama nanya ka doter. Dokter ngahuleng heula
“Oh, mangga ari kira-kira tos ngaraos jag-jag mah, kumaha cep..?”
bari ngareret ka kuring
“oh, muhun dokter abdi teu ngaraos nanaon asa harampang dokter, tapi lapar yeuh“
bari melenyeh kuring seuri era.
“nya muhun atuh mama abdi bade nyiapkeun mobile na”
cek salah saurang rerencangan mama bari kojengka kaluar.
ke wae dongengna mah nya jang” ceuk mama kakuring,
“abdi ngarepotkeun balarea atuh mama” ,
“ah tong sok ngemutan kitu jang,ieu mah kawajiaba urang sadaya, hayu atuh siap-saip” 
mama bari ngalengkah ninggal keun kamar, bring we salerea ngabrul ninggal keu kamar nu disarean ku kuring, lempang asa harampang tanaga asa ngaleuwihan tinu asal na, kuring keurung teu ngarti meni asa hayang ngaca da bener rarasaan teh asa barareda, kuring ngegel curuk nyobaan tapi bener nyeri enya ayeuna mah lain ngimpi ieu teh
“ari biaya rumah sakit kumaha mama”
“tos beres jang”
salah saurang rerencangan mama mang jawabkeun  kuring ngalieuk kanu nyarita bari ungek. Sup opatan arasup ka mabil mama di payun sareng kang Ipin nu jadi supirna  anu sanes na mobil hiji deui tos miheulaan nyemprung bade mulang ka Cibodas geleyer mobil nu di tumpakan nuturken mobil nu tiheula.
Teu kacaritakeun di jalana barang geus dugi ka bumi kasamapak loba jalma nu nunguan, kuring sasalam ka salerea romanna pada barungah kuring pada nyalaman
“nuhun ka wargi-wargi sadaya” kuring nyarios di tujukeun ka balarea. “sok atuh ayeuna mah urang taruang”  saur Ambu
Istri mama kiyayi. Sabada ngariung darekul salerea dalahar barakecrakan. Rohangan asa pinuh ku kabungah.

(Nyambung…………….)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar