maker gif

Sabtu, 14 Juli 2012

Carbung (Basa Sunda)



  Jurig Nyiliwuri
Oleh Leon Eskenedi
G
eus lain kacaritakeun deui cape na hirup kudu nyinghareupan bahya nya kitu siga taun kamari kuring mancen gawe di hiji kota  di bagian kota nu tempat judi malulu nya kadituna maluruh tempat rahasiah panggih jeung hiji tempat pulo leutik nu jauh ti kota nya didinya nalungtik aya na proyek rahasian nu teu di sahken ku pamarentah proyek naon eta teh , hiji perusahaan suaasta nu jerona aya hiji gembong nu nyieun husus serum  ker suntikeun ka tentara numana eta tentara jadi pasukan husus malah tentara teh jadi teu teurak ku beudil, tapi geuning sigana mah teu diwidian Ku Allah  eta pasukan teh jadi owah jadi malik nyerang kanu boga proyek nu ahirna kawalahan nya kuring jeung pasukan husus agen rahasiah pamarentah menang pancen kudu ngabasmi tentara-tentara nu owah mangkaaning teu teurak di bedil tea.
Sapuluh urang nu kaasup tentara pilihan nu di cokot tina agen rahasia husus nu mampu ngabogaan  elmu telepati jeung kakuatan fisik nu rancage rikat jeung bedas, babaladan jeung kuring teu nyangka pisan sugan teh pasukan nu dihareupan tentara biasa,  mana horeng tentara Jurig nu teu terak di beudil, tina sapuluh teh estu ngan kuring nu bisa salamet  nyaeta meureun kuring masih keneh di tangtayungan keneh ku pangeran  harita kuring di balangkeun ku jurig tentara tea,  kuring tigujubar ka laut nya kapaksa kuring teuleum mabur nyalemetken diri.
Sageus kuring mabur balik kapasukan sugan teh kuring menang penghargaan tapi naon geuning, ,kuring kalah meunang hadiah di sel meunang genep bulan di sel lantara misi kuring ka asup gagal. Sanggeus di bebaskeun  kuring di peucat  tina pancen gawe, kiwari kuring jadi rakyat biasa lantrak-lintrik euweuh gawe  sok padahal kuring boga kabisa nu bisa di andelkeun tapit taya gunana hirup di masyarakat biasa mah, kolot geus teu boga  dulur suwung , nya kapaksa kuring ngumbara ka luar negeri, neupi ka hiji nagara nu disebut Indonesia nya didieu kuring jadi mualaf.
Kuring bisa cicing di ieu nagri alatan bantuan saurang sobat nu bener-bener ngaku dulur anjeuna ka telah Kang Ipin, ari ngaran lengkepna mah nyaeta Aripin Maulana  mantena anak mama kiyai nu kasohor di Cibodas bawahan kota Cianjur saha atuh mama kiayi Teh  eta geuning KH Mutaqin Hidayat  mantena gaduh pondok pasantren di Cibodas nya kuring  nyiruruk di dinya sakantenan diajar bag-bagan agama. Atikan mama kiayi bener-bener pisan karasana asa jauh pisan antara kuring keur can jadi muslim jeung sanggeus kuring ayeuna asa hirup teh karasa tenang rek nyingharepan malakal maot ge nya Insha Allah kuring geus siap, ayeuna kuring teh pasrah tumarima kana Qadar jeung qodar  da geuning mung Mantena Allah nu Maha Gagah nu ngagaduhan sagala rupa sagala Alam. Asa tiis ceuli herang panon cicing di hiji desa bari nuturken piwejangna mama Kiyai bari di baturan ku kang Ipin batur pakukumaha. Kadang kala ari kang Ipin ngadon ulin kamana bae kuring sok ngingilu kitu we geuning ulinna teh kang Ipin mah ngadon silaturahmi jeung kokolot lembur eta teu aya nu anehna kadang kala kuring sok rada kesel kahayang teh ulin ka mojang bating ieumah  lapur we, lah moal bisa kenalan jeung mojang padesaan.

(Nyambung.............)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar