maker gif

Sabtu, 14 Juli 2012

Carita Pondok (Basa Sunda)


Nyi Mojang
Oleh : Leon Eskenedi

 
Ras inget basa kuring anyar baleg kuring rampang reumpeung mun panggih jeung nyi mojang, mun pasanggrok di leubah gang ana sok ngadadak teubisa ngalengkah. Dina hiji waktu kuring balanja kurupuk ka warung,eta nu boga warung lain sasaha pan kolot na nyi mojang nu manis nu imutna matak kareueut mun geus imut meni hese pohona ngabayang na kongkolak panon, Barang srog ka eta warung ana breh teh nyi mojang nuju nungguan nu balanja aya atoh aya teu paruguh rarasaan tapi da kuring teh lalaki kudu gede wawanen piraku  nyanghareupan mojang geulis maenya kudu eleh jajaten, ari ditilik-tilik geuning sarua nyi mojang teh geumpeur panggih jeung kuring teu patilila kuring miheulaan nyarita
"meser kurupuk neng"
"ma..mangga anu mana" tembal nyi mojang ngajawabna heunteu teger
"ieu we nu dina blek" ceuk kuring bari muka tutup blek, kurupuk ku kuring di pisahkeun meunang sapuluh siki mah di simpen na luhur meja,ari nyi mojang rikat nyokot keresek keurmungkusan kurupuk. eta kurupuk ku kuring di asongkeun ka nyi mojang nu mawa keresek bari mukakeun keresek nyi mojang neuteup ka kuring, tapi meunang sajongjongan kurupuk teudaek asup kana keresek teuing pedah naon hate kuring dagdiddug teu paruguh rarasaan jigana nyi mojang ge sarua tungtungna mah sing belenyeh seuri era masing-masing nyumputkeun  rasa bibit katresna.   
Lamun seug wanci geus magrib kuring haget teusirikna bari lumpat indit ka Masjid lain pedah getol-getol teuing da eta geuning bakal pendak jeung nyi mojang nu biasana sok ngawurukan barudak santri istri diajar maca Al-Quran. Nya kitu kuring ge di ajar ngalancarkeun ngaderes maca Al-Quran biasana ba'da Shalat Magrib. Hiji waktu biasa ba'da magrib sabudalna jemaah nyi mojang gugupay, asa meni ratug angen na aya naon tara-tara tisasari nyauran sagala,
"Kang, punten nya ieu murangkalih pameget teu aya nu ngawurukan, da pa Ustdana ayeuna teu aya, ngalih ngiring ka lembur istrina kumaha kersa" saur nyi mojang bari menclong nunggu jawaban ti kuring 
 "oh........kumaha pan akang teu acan lancar " jawab kuring semu reuwas
 "nya wios da murangkalih mah ngangge buku Iqro, pan babari aya pitunjukna" saur nyi mojang bari melenyeh imut ningali kuring asa kayungyun polos pisan
"sareng duei kaleureusan aya rencang enggal tuh Astuti rerencangan abdi nuju di SMP keleresaan ngalih kadieu ngiring sareng Enena nu bumina lebah pengkolan bade ka Masjid geuning, ngalihna kadieu saurna  supados caket angkat ka sakola"
nyi mojang nerangkeun babaturannan bari nunjuk ka hiji mojang nu nuju ngawurukan barudak, kuring ngareret ningal panuduhan nyi mojang, na pikir euleuh pantar pisan jeung nyi mojang ngan ieu mah ngangge kacamata.
Barang ret ningal mojang enggal dak dumadak bareng diadu teuteup seblak meni rewas mojang anyar ungek bari imut kuring ngabeles ungek.
Poe kapoe ganti poe minggu ka minggu ganti minggu geuning anu wanoh teh lain nyi mojang kalah Astuti, ceuk nyi mojang mah Astuti teh saingan dina sagala widang basa keur sakola di SMP, naha rek rengking , baca puisi pokona saingan  prestasi cenah tapi da sobat cenah, euleuh aya ku palinter geuning dua wanoja teh tapi geuning ayeuna Astuti meh unggal sore ngajak maen poli, cul weh nyi mojang ka popohokeun.
Tisaprak kuring dalit jeung Astuti nyi mojang geus teu mere semu, tong boro bisa ngobrol dalah panggih ge nyi mojang sok ngejat meni teu mere omer piomongeun, kuring bati colohok teugarenah hate jigana nyi mojang geus cua ari ningali kuring, hate kuring teu paruguh komo deui Astuti beuki kaciri nembongken ka tresnana ka kuring, Eta dua wanoja anu tadina nyobat kiwari jadi nyatru  aya ku bingung teu manggih tungtung, nyi mojang geus teu bisa nemonan deui, sigana cua, ijid, geuleuh mun panggih jeung kuring, kuring ge apal pan eta teh timuru tapi naha meni teu mere omer pisan pikeun ngomong, dalah di kumaha atuh kawas kieu jadina nu tungtungna kuring papacangan jeung Astuti. Astuti mojang geulis nu pangawakanana siga atlit teu jauh sarua leket ibadahna mun keur maca Quro  Al-Quran meni halimpu matak dedengeeun  teu jauh jeung nyi Mojang,  Ari Astuti sakolana bareng sasakolana jeung kuring di SMA ngan Astuti mah adi kelas kuring kelas 3 Astuti kelas 2 , Nyi  Mojang sakolana di SPG sigana hayang jadi Guru. Meunang tilu taun kuring ninggalkeun lembur, kuring nuluykeun sakola di kota, harita pas waktuna libur kuring balik geus sono hayang panggih jeung Astuti, can ge nepi ka imah di jalan aya nu megat euleuh bi Asih  sibibi nu sok bunta-bantu di imah,
 “Cep  ibi ngabejaan meumpeung encep can dugi ka bumi, yeuh ulah di teraskeun papacangan sareng Neng Astuti teh, Meh unggal weungi seueur nu ameng, komo ayeuna mah Neng Astuti sok nyanyi di panggung”
gebeg hate asa ka pepeh geuning Astuti jadi kitu, tapi asa teu percaya . 
 Pas malem minggu kuring nganjang ka Astuti, tapi barang ningal ka buruan imahna ninganli aya mobil sedan beureum alus pisan,
“na  aya saha kitu” gerentes hate, kuring uluk salam 
 “ Hai Kang Yusup na iraha ti kota”   Astuti ngabagea keun , na pikir tatakramana na jadi beda  “ 
 “Kang Yus, nepamg keun , Menejer Tuti , Biasa Dangut ….Kang” 
kuring nyolongkrong sasalam jeng lalaki nu make jaket kulit penampilan gagah maco cek jaman ayeuna mah
“Ridwan” cenah,
 “Ke sakedap nya Mas” Astuti nyarita bari pepeta ka eta tamu, 
giriwil lengen kuring di kenyang sirikna bari di gusur, geus neupi ka tepas  Astuti nyarita
”Kang Yus ulah ambek nya, hubungan urang duaan ayeuna mah di kat heula, soal na ngaganggu karir Tuti nya ngaganggu sakola akang sanes” ceuk Astuti teu riuk-riuk teunembongken semon salah,
gebeg hate kuring asa di bentar geulap  ngadenga ucapan Astuti tadi, karekge rek engab “Sip,…..no koment” Astuti bari ngacungkeu curuk dina biwirna.
“Mangga kang,  Tuti nuju teken kontrak”  bari leungeuna ngarah keun ka jalan.
Na pikir asa di hina pisan kuring ku Astuti teh nya teu ngomomg deui kuring gejlig suku ngalengkah ka jalan ngaleaos ninggalkeun Astuti.
Dua taun ti harita kuring ninggalkeun lembur junun sakola dikota bari nu diharep hayang boga pagawean,sarengsena sakola teuhararese kuring menang tugas ti pemerentah jadi guru di lembur,ditilik-tilik SK teh  kudu mancen gawe ti ngawitan tanggal 2  Pebruari taun 2000  asa ku bagja ieu hate rarasaan sigana kuring bakal manggih kahirupan nu saenyena, euleuh geuning gawe teh teu pas dilembur sorangan rada angga di kacamatan lain ah teu nanaon kuring bisa miang gawe make motor.
 Geus menang saminggu kuring gawe pikiran ras inget ka nyi mojang naha ayeuna kumaha kaayaannana aya niat ah reknyobaan nganjang ka manehna sugan ayeuna mah nyimojang teh geus dewasa moal siga baheula,  geus gilig hate teh buled rek ngajakan nyi mojang urang hirup babarengan da ayeuna kuring geus teu boga kahariwang asa geus masagi katambah boga panghasilan anu tetep piraku nyi mojang nolak sugan daek ngahampura kana kalakuan kuring nunguciwaken manehna.
Srog ka lebah gang anu biasa kuring sok paamprok jeung nyi mojang anu jaman harita kuring sok ngadadak kasima lah ayeuna geus lain deui kuring geus mangkat dewasa, ana neupi ka leubah imah nyi mojang geuning suwung imah kosong euweuh nu ngeusian euleuh kamarana kitu kaciri imah siga nu geus lila di tinggalkeun, asa heran teungalarti ras ingeut ka jang Rahmat tatangga nyi mojang nu baheula kukuring di wurukan ngaji,  asa kabeneuran Jang Rahmat aya kasampak keur cindeukul diuk di tepas,
“punten jang akang bade tumaros” 
 “ aeh……….geuning kang Yusup mangga kang , hayu atuh kalebet bilih bade ngobrol mah” tembal jang Rahmat,
“ah , moal lami akang bade naroskeun ari keluarga pak Halim kamarana bumina suwung..?”
 jang Rahmat ngaheruk sakeudeung bangun nu sedih siga nu hese rek cumarita nateh
 “Oh muhun akang salami ieu di kota bae janten teu terang  kajadadian nu tumiba ka keluarga Pa  Halim, tos sataun pa Halim ngalih bumina, ngalih ka Garut saurna teu kiat ceunah di dieuteh geus teu boga hareupan saur pa Halim mah”. 
 “Ari teh Aan kamana atuh”  hiji ngaran nu teu bisa di leungitkeun na pikiran kuring  Aan Amaliah  ngaran nyi mojang nu salila ieu kuciwa ku kuring duh deudeuh ari nyi mojang teu apal kana parasaan kuring, teu apal kana katresna kuring, katresna na bersih nu teu kaeuntrepan nanaon nu istuning ligar ku sorangan  geus diguratkeun tidituna.
“ Muhun kang kieu dongeng nateh” ceuk jang Rahmat ngamimitian nyarita deui
“Tilu taun ka tukang teh Aan udur gara-gara geubis di wahangan waktos eta Teh Aan nuju ngumbah karpet Masjid  ngan duka ku maha Teh Aan geubis dugi ka kapiuhan dugi ka dicandak ka rumah sakit, nanging sa mulih na ti rumah sakit Teh Aan janten udur emutan teu apal ka sasaha teu apal kana dirina malihan alim nanaon istuning ngajubleg ngaraga meneng, lami ku lami Teh Aan sok kokoloyang sorangan mapay lembur maliha seuring ku kuring ge di tutungtun sina balik hariwang bisi kuma onam, Dina dua taun anu ka tukang  Teh Aan ngagujubar ti gebrus dibalong masjid rupina teu aya nu nangenan dugi ka teu katulungan…”
Jang Rahmat teu kebat cumarita na di tungtungan ngingsrek  ceurik balilihan. 
Kuring ngadadak leuleus bumi alam asa muter titingalian asa poek hate asa pejet naha geuning kieu jadina, leus weh kuring kapiuhan teu kiat nahan ka kasedih anu sakitu paitna jiga na nyi mojang geuring ngalanglayung ku kuring, beu asa dosa temen kuring, meunang sajam cenah kuring pada ngopenan nya harita kuring sadar deui
“nya atuh jang akang anteur ka kuburan teh Aan” ceuk kuring bari dareuda. 
Teu kacatur di jalanna  kuring geus aya di kuburan nu dicirian ku tangkal kamboja, aya tulisan di Padung , Aan Amaliah  wafat ping 2 Pebruari taun 1999 teu karasa deui tina jurupanon teu ka ampeuh nyurucud na cai mata mapay pipi  kuring teu kiat nginghak bari sasambat,
“Aan kunaon atuh anjeun teh teu mere omer ka akang pikeun nyarita, teu mere omer ka akang pikeun ngomong terus terang, teu mere omer pikeun akang menta hampura,  teu mere omer pan akang teh saenyana cinta ka anjeun , nyaah ka anjeun, duh Aan..n” leungeun kuring ngautan kuburan tangkal kamboja nu jadi saksi.  

2 komentar: