Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 7)
(bagian ka 7)
Oleh Leon Eskenedi
Waktu beuki ngagayuh ka peuting, hawa beuki tiis gelebugna angin peuting nebak tatangkalan pating korosak kadengena siga wirahma alam peuting nungeusi rehe jeung jempling, hawar-hawar tikajauhan sora bueuk siga nu sisidueun nambahan ka keutir. Jung Kang Ipin nu teu empes-empes pada ngagarotong dibawa ka jero imah, tinggal kuring nu ngaraga meuneung na pikir kumaha nya lampah, ret kasumur nu meunang nutup ku coran.
“oh kaharti, eta geuning ngarupakeun jalan keur si jurig teh”, ret ka tukang aya sababaraha jalmi nu ngabaturan nungkulan kajadian tadi,
“palawargi, ke urang cobian di ikhtiaran ku simkuring” kuring nyarita kanu ngajarentul di dinya,
Gek kuring sila nyanghareupeun sumur, kuring nyobaan ngarapal keun do’a jeung dzikir, nu di harep bombolongan kudu kumaha nungkulannana. Hate jeung pikiran ngagulung jadi hiji manteung Ka Gusti Allah neda pitulung, mung Anjenna nu tiasa nulungan sakabeh mahluk nuaya di alam dunya, mugia bae Allah masihan pitulung, Panon di peureumkeun biwir teu leupas tina Asmana Allah, les karasa lelembutan kuring leupas bray titingalian cararaang, hareupeun sumur nu dicor rubah jirimna hiji jalan umpalan ka handap siga ngarupakeun jalan torowongan, kuring nuturkeun jalan sageus beak umpalan breh molongpong guha meredong sup kuring ka jero guha, sageus beak eta jalan guha, breh rohangan anu laleuga kajeun rada poek tapi eta rohangan semu kacaangan cahaya koneng semu beureum, teu kanyahoan deui jorelat hiji bayangan bodas nyampeurkeun disusul ku cikikina seuri.
“Hii…hi…hi…hi, hii…hi…hi..hi, hai manusa, ngayang naon ilaing nuturkeun ngami ndeuleu, jeung ilaing mah ngain ngurang sunda, hi..hi..hi, nganak walanda siah” bayangan bodas geus aya harepeun bari cumarita,
“hai anjeun mahluk halus, kula memang lain urang sunda tapi kula geus ngarasa jadi urang sunda, dengekeun yeuh, andika geus wani-wani ngagangu kana kahirupan manusa, kula kadieu rek menta tanggung jawab andika, geura lepaskeun pangawasa sia nu ditempelkeun ka mimi haji” tembal kuring.
“Hii…hi…hi…hi, na teu apal ilaing teh, itu sumur kunaon di tutupan, bongan tah sumur diganggu keur jalan tempat kula, beut ditutupan kami nyadi hararese rek ngaluar, rek ngulin, rek nyeuseup hawa alam ndunya ndeuleu, hii…hi…hi…hi…”.
Geus beak ngomong kitu leus mahluk tadi ngaleungit ilang teuing kamana, teu loba pikir jleng luncat ngajaul ka luhur niat rek balik kana jasad nu ditinggalkeun. Bray beunta kolesed, kuring muka sila terus nyampeurkeun kanu ngarariung, “nyuhunkeun botol kosong anu bodas” kuring barang penta,
(Nyambung…………….)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar