maker gif

Rabu, 15 Agustus 2012

Carbung

Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 7)
Oleh Leon Eskenedi

Waktu beuki ngagayuh ka peuting, hawa beuki tiis  gelebugna angin peuting nebak tatangkalan pating korosak  kadengena siga wirahma alam peuting nungeusi rehe jeung jempling, hawar-hawar tikajauhan  sora bueuk siga nu sisidueun nambahan ka keutir.  Jung Kang Ipin nu teu empes-empes pada ngagarotong dibawa ka jero imah,  tinggal kuring nu ngaraga meuneung na pikir  kumaha  nya lampah, ret kasumur nu meunang nutup ku coran.
“oh kaharti, eta geuning ngarupakeun jalan  keur si jurig teh”,  ret ka tukang aya sababaraha jalmi  nu ngabaturan  nungkulan kajadian tadi,
 “palawargi, ke urang cobian di ikhtiaran  ku simkuring”  kuring nyarita kanu ngajarentul  di dinya,
“Teu langkung agan, mangga keudah kumaha nyangakeun” salah surang nyarita masrahkeun  pagawean,