maker gif

Senin, 27 Agustus 2012

Carpon


Lebaran Nu Honcewang
Oleh Leon Eskenedi



Di hiji rohangan leutik sok di sebut kamar Tamu guntreng salaki pamajikan keur parea-rea omomg,
" ari kira-kira teu sanggup nganafkahan mah tos we abdi teh anteurkeun bae ka Ema sareng ka apa, atuh Kang...." ceuk pamajikannana nu norowelang bangun ngabudalkeun ka kesel.
" Euleuh..ari nyai Istigfar, bet nyarios kitu, heup ah..akang ayeuna ge rek ihtiar" tembal salakina bari kerung siga nu mikiran kabingung.
" Har ari akang, ...iyeuh...ari patuangan lapar mah moal cageur ku istigfar, geus lah moal loba catur deui, abdi bisa balik nyalira"  pamajikanna nambalan bari ngojengkang ka kamar terus beberengkes pakeanna di asupkeun kana tas. 

teu pati lia bari ngajingjing tas. "geus kang abdi tos teu kiat, geus leuwih ti sabar ayeuna Iis rek mulang ka Ema jeng bapak, geus neupi kadieu wae rumah tangga urang" bari trus muka 
ken panto ngagidik ka jalan teu lialngagupayan tukang ojeg. gerung-gerung ojeng laju ngajauhan nu di tumpakan ku Nyi Iis...beuki lila beuki teu katempo.

Ridwan kari olohokna teu bisa kukumaha, narimakeun kaayaan, takdir  kudu meunang kasusah anu dua bulan ka tukang dikaluarkeun gawe ku perusahaan, menang pasangon teu mahi keur modal usaha beak di pake mayaran hutang bae anu tungtung na Iis meta pipisahan......

Ti saprak di tinggal keun Iis, Imah Ridwan teh menitiiseun…keur mah eukeur Ridwan teh ayeuna mah ngilu baranggawe ka babaturannana Kang Agus kabeneran boga kios di pasar, cenah batan nganggur mah didieu we bantuan ngaladangan nu balannja ken we upah buruhna mah ke we mun piisukannen lebaran di bayar..., da kagok ngan sapuluh poe deui lebaran. Nya haat pisan Ridwan daek rek naon deui keur mah di tinggal kun kunujadi pamajikan, mana kituge geus teu kuateun boga salaki euwuh gadag, ayeuna kakara sadar Ridwan teh pedah nyeri hati ku Pabrik di kaluarkeun jadi cimekblek, “nya salah ari gawe mah naon we nu penting halal” Ceuk pamikirannana.

Sora  Dulag hawar-hawar meni rame ampir ti tiap masjid, Ridwan ngageudig balik ti pasar waktu mimiti ka sore..bari muceukil babawaan menang THR ti Kang Agus sakalian jeung upah buruh, bray muka keun panto imah…ari leketey teh hate Ridwan jadi leuleus ras ingeut kanu jadi pamajikan, Babawaan geuning siga euwueuh hartina ari euwuh nu muruna, “ na kunaon atuh Iis anjeun teh teu sabar, meni kudu ingkah ti dieu, papageun kitu mangkaning isuk lebaran, nya kudu kumaha nya ieu kuring”  bari ngahuleng  Ridwan nyawang ka jalan……

(Nyambung.............)