Munggah Jaman Harita
Oleh Leon Eskenedi

nu jadi pamajikan ngahuleng bae mikiran kabutuh sapopoe jaba boga budak keur meumejeuhna , anu kuduna kasuwuk ku menu anu beneur na ari ieu sigana moal jauh ti jaman penjajahan ku bangsa jepang tea ceuk carita kolot cenah dahar teh lain sangu cenah mah dahar bulgur teuing kawas kumaha ari bulgur eta paling mending mun manggihan beas di campur jagong geus ka asup bagja, kiwari kuring jadi ngalaman kawerit, poe isuk rek puasa duka tatangga mah naha mencit hayam naha balanja daging ka pasar teu pati merhatikeun nu jelas mah kuring nyingharepan kahirupan sorangan ti mana atuh kudu meli hayam ti mana atuh kudu meli daging malah pan harita geus teu menang bagian beas da aya parebohan beas teh di duitkeun anu tungtungna mah beas euweuh duit suwung da beak teak di potong ku Bank , kamana keun atuh duit anjukan ti bank te h nya pan timana kuring bisa ngontrak imah da lamun ngandel keun gajih mah teu kauntup hahargaan anu sakitu luhurna panghasilan saukur ngandelkeun gaji pagawai negeri beu meni teu ngimbang anu tungtungna mun aya kaperluan teh ngadon ngandel keun anjuk ngahutang , ari bank rajol daratang nalawaran nu teu ngahesekeun deui pikeun ngahutang .
Isukan teh rek ngamimitian puasa, nya poe ieu teh nu disebut na munggah tea, kuring jeung anak pamajikan istuning salabar narimakeun ka ayaan weritna jaman, ngan geuning bathin kuring jadi nyeuri teu tahan nahan ku katalangsarana nu jadi anak pamajikan.
Nya teu karasa deui ngeclakna ci mata, ras ingeut ku jaman krisis tea.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar