Kamis, 19 Juli 2012
Rabu, 18 Juli 2012
Dongeng
Munggah Jaman Harita
Oleh Leon Eskenedi
Asa can lila, munggah ka munggah waktu nyerelek terus bakat ku betah di alam dunya urang geus teu ngarasakeun sakumaha maju na waktu, kiwari geus nyingharepan deui munggah, Jadi ras inget basa harita basa mimiti usum werit ceuk basa ayeuna mah krisis, krisis ekonomi tea nungadadak hahargaan jadi mahal nepika 200 persen meni karasa ngaheunggeu nateh, nya keur mah eukeur gajih teh leutik Kaduana boga hutang ka bank jadi hirup teh asa kacekek ceuk sirikna mah dahar ge sakapanggihna, kahirupan alahbatan jalma balangsak , RPP Berkarakter
RENCANA PELAKSANA PEMBELAJARAN
RPP No. 01
Sekolah : SMP
NEGERI 1 SUMBERJAYA
Mata
Pelajaran : Teknologi
Informasi dan Komunikasi
Kelas/
semester :
VIII / 1 ( satu )
Alokasi
Waktu :
4 x 40 menit
Standar Kompetensi 1. Menggunakan
Perangkat lunak pengolah kata untuk menyajikan informasi
Kompetensi Dasar 1.1 Mengidentifikasi menu pada ikon pada perangkat lunak pengolah kata.
Selasa, 17 Juli 2012
Carbung (Basa Sunda)
Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 2)
Oleh Leon Eskenedi
|
D
|
Titingalian asa di tengah leuweung rubuk rabak enya ieu teh
kuring aya di hanapeun tangkal kai nu badag bisa dipake nyalingker nyuput,
hawar hawar aya sora nungagerem dedengean mah asa sora ngageremna ajag lalauna
kuring ngeteyep noong eta sora asa teu percaya kuring gigisik bisi salah
tempo tapi angeur nu di toong teh teu obah enya eta teh jalma buukna ngarewig
tapi ramo-ramona aya kukuan sareuket siga kuku heulang marencos eta mahluk
guram geurem bari ngorowotan bangke banteng,
“grrrrrr,……grrrrr,…..grrrrr”
sorana pikakeueungeun bari jongjon cacaleuhakan ngadahar
daging bangke banteng. Hate kuring jadi tagiwur ratug jajatung jadi sieun
ningali mahluk pangawakana manusa tapi leungeun jeung sukuna siga sato kaciri
huntuna ge persis ajag sareukeut aya sihungan. Kolebat rarasan tukangeun
aya nu ngolebat tilu kali ngolebat trus di reret suwung teu katembong tapi
rungkun mah kaciri oyag siga nu geus ka oyagkeun hate beuki tagiwur bae meni
seber pisan jantung ratug tutunggulan bulu punduk muringkak asa kandel ras
inget kana papatah mama dimana hate keueung anjeun kudu dzikir ka Allah, tuluy
kuring nyobaan dzikir “lahaola wala kuata ilabilahi aliyiladzim, La ila ha
illaloh, Allah,Allah,Allah” terus we kuring dzikir, na ari keur
jongjon kuring dzikir bari peureum kadengan barag-brig-brug jeung guar-gaur
sora ajag siga nu keur diadu bray benta kuring ningali ka tempat mahluk
nu di toong tea euleuh jadi opat anu tadi barang dahar teh di rempug ku tiluan
eta mahluk di tarajang ti lebah tukangeunnana jelas nu ngroroyok teh nyokot
tilu posisi kenca katuhu jeung tukang tapi eta mahluk anu saurang meni
rikat depok bari sukuna nyusul kanu narajang tukangen tadi buk nengel pisan
tejehannana teh cleng ngacleng pas harepeun tangkal nu di pake nyumput ku
kuring lenyap hate beuki ngaleunyap kuring sieun katohian nyumput
teu ka tingali deui kerewek leungen kuring aya nu ngajewang di gusur ngajauhan
tempat eta kuring di gusur tapi asa harampang lumpat nuturkeun nu nyekelan
leungeun kuring meni pageuh pisan bari lumpat kuring ngilik-ngilik saha
nu ngagusur teh geuning jalma nu make jubah bodas buuk jeung jangotna paranjang
bodas pisan euluhj geus kolot pisan na mani beudas pisan teu pati lila si aki
teh ngaganjleng ngajaul kaluhur kuring kabawa terus kaluhur jadi ngapung
kuring hanapeunana asa hibeur eh beuneur hibeur kaluhur na pikir asa teu
percaya beuki lila beki ngawang-ngawang as geus jauh pisan kakara si aki
teh ngeureunan hibeurna
“Jang lain tempat andika tadi teh, tempat
andika mah tuh diditu”
Bari ngerewek kana baju si aki ngabalang keun kuring ka
handap Goak atuh kuring ngagorowok soak jeung reuwas
“Aaaaaaaaaaaw”
kuring murag ka handap leunyap hate ngalenyap les kuring
kapiuhan.
Gubrag rarasaan ngagubrag bray beunta korejat kuring
ngorejat mana horeng kuring ngimpi ari ret di sabuderen geuning loba nunungguan
“Alhamdulilah, Ujang
geus sadar”
sora mama dareda ka reret aya kang Ipin jeung nu sejenna,
“dimana ieu teuh mama”
kuring nanya,
“ke dongeng na mah
jang, ayeuna mah sok ngaleueut heula”
ceuk mama bari ngasongkon cai herang dibotolan plastik,
regot cai di inum asa hanaang menang sateungah botol mah asa ku ni’mat.
Bray panto kamar muka lol hiji pangawakan bersih make jas
dokter geubeug kakara sadar mana horeng kuring aya di kamar pasen rumah
sakit ret ka mama melong ngadung harti nanya, mama unggek bare merean
jalan ka dokter “parantos gugah ayeuna mah” ceuk dokter
“muhun mangga di parios deui”
tembal mama , kancing baju kuring di bukaan ku dokter terus
dada kuring ditempela atal pamariksaan , sup ngasup ken alat pamariksaan suhu
kana kelek kuring teu pati lila “Sehat lah normal” dokter biantara deui ka
mama,
“ pami kitu mah tiasa
mulang ayeuna dokter.?”
Mama nanya ka doter. Dokter ngahuleng heula
“Oh, mangga ari
kira-kira tos ngaraos jag-jag mah, kumaha cep..?”
bari ngareret ka kuring
“oh, muhun dokter abdi
teu ngaraos nanaon asa harampang dokter, tapi lapar yeuh“
bari melenyeh kuring seuri era.
“nya muhun atuh mama abdi bade
nyiapkeun mobile na”
cek salah saurang rerencangan mama bari kojengka kaluar.
“ke wae dongengna mah
nya jang” ceuk mama kakuring,
“abdi ngarepotkeun
balarea atuh mama” ,
“ah tong sok ngemutan
kitu jang,ieu mah kawajiaba urang sadaya, hayu atuh siap-saip”
mama bari ngalengkah ninggal keun kamar, bring we salerea
ngabrul ninggal keu kamar nu disarean ku kuring, lempang asa harampang tanaga
asa ngaleuwihan tinu asal na, kuring keurung teu ngarti meni asa hayang ngaca
da bener rarasaan teh asa barareda, kuring ngegel curuk nyobaan tapi bener
nyeri enya ayeuna mah lain ngimpi ieu teh
“ari biaya rumah sakit
kumaha mama”
“tos beres jang”
salah saurang rerencangan mama mang jawabkeun kuring
ngalieuk kanu nyarita bari ungek. Sup opatan arasup ka mabil mama di payun
sareng kang Ipin nu jadi supirna anu sanes na mobil hiji deui tos
miheulaan nyemprung bade mulang ka Cibodas geleyer mobil nu di tumpakan
nuturken mobil nu tiheula.
Teu kacaritakeun di jalana barang geus dugi ka bumi kasamapak
loba jalma nu nunguan, kuring sasalam ka salerea romanna pada barungah kuring
pada nyalaman
“nuhun ka wargi-wargi
sadaya” kuring nyarios di
tujukeun ka balarea. “sok atuh ayeuna mah urang taruang” saur Ambu
Istri mama kiyayi. Sabada ngariung darekul salerea dalahar
barakecrakan. Rohangan asa pinuh ku kabungah.
(Nyambung…………….)
Sabtu, 14 Juli 2012
Carita Pondok (Basa Sunda)
Saung Panineungan
Oleh : Leon Eskenedi
Oleh : Leon Eskenedi
Geus leuwih tilu kali leubaran eta saung can diteang
deui tapi kamari nya leubaran ayeuna pisan
kuring neang deui eta saung, saung teh geuning taya obahna ti baheula neupi ka ayeuna
istuning kitu keneh ras ingeut nya di saung eta kuring jeung Iis pernah patali
jangji nya didinya pisan Iis ngedalkeun lisan cenah rek satia hayang hirup
babareungan tapi, kiwari geuning teu kabuktian jangji tinggal jangji kanyataan sewang-sewangan.
Ret ngaleret hareupeun saung aya jalan anu bras na ka
wahangan leutik di leubah wahangan eta paragi kukumah paragi nyeuseh cing saha
bae anu ngaradon nyeuseuh meuni rame mun isuk-isuk teh loba mojang ngadon
nyareuseuhan didinya, nya didinya kuringge sok silih simbeuh jeung Iis mun
kabeuneran Iis keurnyeuseuh malah
peurnah ti gujubar duaan ari kabeuneuran otel kamalinaan nya jaribrug awak teh tapi geuning karasa
bagja pisan.
Ras ingeut deui nya di saung ieu yeuh basa meuleum
jagong paduduaan jeung Iis teh ari meuleum di campur jeung otel tungtungna
jagong teh tarurtung malah eta arengna jadi bahan pangheureuyan silih doletkeun
kana beungeut atuh Iis teh camelong kitu
deui kuring , kuring imut sorangan hayang seuri ingeut kana pangalaman baheula teh
nya campur jeung kaseudih geuning urang teh teu ngahiji Iis.
Kunaon atuh bisa teu ngajadi enya urang teh geus
jangji da kitu geuning kolot anjeun Iis teu satuju ka kuring pedah kuring jalma
nu batan sakieu tuna harta tuna harti, nya ku kolot anjeun anjeun di jodokeun
ka Mantri Bank anu beughar pakayana, nya ti harita kuring lunta ti Lembur rek
makaya ka Kota rek digawe bari mawa hate anu gudawang kabogoh di reubut batur
keuna ku paribasa “meuncit meuri dina
rakit boboko wadah bakatul lain nyeuri kupanyakit kabogoh di reubut batur” meni keuna pisan eta sisindiran teh.
Nya kebat kuring ngumbara di kota kabeuneuran kuring
di angkat jadi guru Sakola Dasar tug
neupi ka meunang jodo urang kota. Nu matak leubaran ieu kuring mudik jeung
indung na barudak.
Kiwari kuring geus boga budak dua, tapi rahasiah eta
saung bating teu arapaleun eta di jadikeun rahasia duaan ngan kuring jeung Iis
bae, suganteh mudik teh bisa panggih jeung Iis geuning suwung teu panggih duka
dimana.
Langganan:
Postingan (Atom)

