maker gif

Minggu, 22 Juli 2012

Carbung


  Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 3)
Oleh Leon Eskenedi

Top of Form
B
a’da  dzuhur   ngarariung  mama nu ngawitan biantara
“manawi kieu jang Leon, mama sareng anu aya didieu sadaya ngarasa heran utamana basa kajian malem jumaah teras hasil pamariosan dokter” 
 mama narik napas heula dituluykeun ngaleguk kopi suruput kopi diinum kaciri nimateunana, 




“ari praduga salereamah manawi teh ujang  kasurupan, tapi basa mama marios  ternyata sanes, mama oge bingung tuluy hasil pamariosan dokter, dokter oge sami bingung mung saatos di parios ku computer dileubeut awak jang Leon teh aya virus nu teu acan aya keterangannana ti bagian medis kumargi kitu dokter ge ngaraos heran jang, nu kadua awak jang leon dina otot robih neuasan kasehatan ujang luar biasa benten ti jalmi nusanes janten upami raheut eta bakal enggal lita deui tah kitu hasil pamariosan dokter teh jang, ari nusaleresna ujang kantos boga panyawat naon…?”
mama nerangkeun bari ditungtungan nanya, kuring ngajenghok heran jeung bingung geuning aneh kuring sorangan teu ngarti pisan, antukna kuring nginget-nginget kajadian
“eh emut ayeuna mah ma”
bari panon ningalian nungarariung didinya
“saleresna mah rahasiah militer Amerka ieu teh” kuring eureun heula tuluy tangah napikir “kumahanya”
 “enya atuh kieu we ayeuna mah, saderek-saderek nu ayadi dieu kumaha keursa ngajagi rahasiah abdi..?”
nanya nu aya didinya,
“Mangga Cep Leon Insha Allah abdi sareng nu aya didieu bade ngajagi rahasiah Encep”
ceuk salah saurang jalmi nu ngawakilan biantara, 
kuring narik napas
“saleureusna kieu abdi teh, dua taun kapengker abdi  mancen tugas husus rahasia ti militer Amerika abdi kalebet pasukan husus anu mancen maluruh musuh-musuh nagara,  utamana musuh nagara anu ngabahayakeun, tah di pulo nu mencil abdi lebeut ka hiji pausahan anu teu disah ken ku pamarentan nya didinya nuju ngadamel proyek pasukan tentara masa depan anu teu tiasa maot, kapaluruh horeng eta gembong ngadamel serum anu di suntikeun ka jalmi tah engke sieta jalmi ngagaduhan kakiatan salah sahijina teu teurak di beudil, tah abdi kaleuresan di kintun kadinya sadayana sapuluh jalmi mung abdi nyalira nu tiasa lolos tina amukan tentara eta, janteun kieu eta proyek nudiluluguna ku si Jack Wiliam nami nateh, gagal da  tentara-tantara percobaanna teh jaradi owah alatan serum tadi  nu ahirna Laboratorium  proyek percobaan ancur di amuk ku tentara eta kaasup gembong wiliam maot  para dokter sareng fropesor  katut karyawan ludes taya nu hirup” 
 eureun heula sakeudeng tuluy nyokot cangkir kopi regot kopi di inum ku kuring.
 “harita basa pa adu hareupan kuring di kroyok ku tiluan tentara owah tea awakna jarangkung badag keker beungetna beungis teu lesot nyangereng siga anjing , bedil teungeulan  jang tajongan kuring euweuh hartina, kuring ngujurahroh bari leungeun kuring raca tatu sanggeus diteungeul kusalah saurang eta jelema,  barang saurang deui rek najong, bari ngudupruk kuring ngaceg hiji jaliken nu aya didinya rada kareret aya tulisan air keras , maksud kuring mah rek nahan tajongan jalma tadi kujaliken tapi akibatna  air keras muncrat ka jalma nu najong tadi ana keur kitu goak eta tentara ngagoak nu satuluyna leeh sakabeh kulit terus ngudupruk lalaunan awak eta jalma jadi ngaluarkeun budah antukna rubah jadi satumpukan daging nu nutungan bari jeung ngebul sorangan, pas ningali kajadian kitu eta jalma nu tinggal duan salah saurang na ngagabrug kuring, ceg kuring diangkat hate ngaleunyap keleweng kuring dibalangkeun kana jandeula   gombrang kaca jandela peupeus kuring murag ka handap terus tigulitik pas murag ka jurang nu saterus na ngagujubar ka laut, tidinya kuring kabur”.
“oh mana kitu mah ujang teh ka tepaan virus nukitu, lantaran ujang tatu, tina kuku-kuku mahluk tadi nepakeun virus jang”
ceuk mama motong caritaan kuring. Kuring ngahuleng jeung rewas  balueng kudu kumaha.
“Jang tadi ujang nerang keun eta tentara nu arowah teh leeh ku erkeras, mun kitu mah ujang ge, eh maksud mama virus nuaya na awak ujang bisa ancur ku erkeras”  gebeg kuring ngagebeg pikir kuring, kuring  rek dibanjur erkeras “maksad mama..?”  kuring nanya 
 “jadi ayeuna mah kieu we jang, kapaksa ku mama ujang rek dipasihan ageman elmu hikmah   supaya awak ujang teu terak ku erkeras ke virusna mah leeh” 
ceuk mama bari ungut-unggutan.    

(Nyambung…………….)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar