maker gif

Kamis, 19 Juli 2012

Carpon



Dulag Nu Ngahariwangkeun
Oleh : Leon Eskenedi

P
abaliutna  jalma  nu ngagulung di jeuro pasar matak lieur ningalina butbet kaditu kadieu keur mah pasar tradisional kalotor barau geus sagala rupa matak lieur katambah nahan rasa haus jeung lapar ngan tingal poe ieu puasa teh,  di lebah juru aya nu diuk cinutrung nunguan dua tolombong nu eusina daun cau nu geus di beungketan sakompet-sakompet   ditilik tilik masih minuhan tolombong, ki Ohim katelahna meh unggal poe manehna ngadagangkeun daun cau ngan eta-etana  nu diandelkeun keur aki Ohim mah  jang  nyumponan kabutuhan hirup sapopoe   manehna  jeung kadua pamajikannana  nini Ijah  urang Cigasong wetaneun Kota Majalengka.
Sora dulag geus mimiti kadenge,  barudak rame di Masjid bari Takbir matak waas kadengena hawar-hawar sing beledug sora petasan ngahaja  ngilu ngagandengan,  geus kabiasana masyakat dimana rek nyambut leubaran geus rupa-rupa polah nungarupakeun nembongkeun kabungah isukan rek leubaran.
Tapi lain deui keur aki Ohim mah sakieu geus beurangna jaba isukan rek leubaran si aki ngarasa geumpeur, daun cau masih weuteuh can aya nu meuli, da geuning kitu nu daratang ka pasar lolobana mareli cangkang kupat ,  meni laris  marema we tukang cangkang kupat mah.

Bari nudutan ki Ohim ngodokan saku calana komprang na  karasaeun aya ngeresek gorehel aya duit kertas laleuceuk rebuan aya lima lambar bari tanggah, kaciri tina juru panonna aya nu herang nyurungkuy teu kuat  nahan kaseudih, beu isukan kudu kumaha pilampaheun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar