maker gif

Jumat, 27 Juli 2012

Carbung



Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 4)
Oleh : Leon Eskenedi


Geus meunang tilu bulan kuring diajar elmu beladiri ulin maenpo nu ngalatih lain saha-saha kaing Ipin anak mama kiayi nya kitu pan Kang Ipin salain ngajaran santri bag-bagan agama di tambah elmu beladiri supaya santri teh ke dimana terjun di masyarakat mun jadi da’i boga elmu nu masagi jadi jalma nu guna keur balarea.
Dina ngalakonan latihan mimiti asa ku hararese da eta kuring geus biasa ulin karate ayeuna metakeun jurus maenpo jadi hese ngarobahna da beda pisan ari karate ulinna teh hareuras pan menpo mah leueus liat atuh kang Ipin teh nyarekan bae, tapi lila-lia mah kelar kuring rada bisa maenken jurus-jurus silat mimitina jurus dasar diantarana jurus nyerang musuh, comot dage, caladi noktrok, tembrak bumi, paku bumi, jurus ngagiwarna pucuk awi katebakak angin, tejeh kuda beger, singa depok, garuda ngapak jurus utamana pasangan ngesi antarana, galura laut kidul, gugur gunung, nu pang ahirna jurus ulin gaya jalak pengkor . eta jurus-jurus geus kakuasaan kabeh meh unggal peuting kuring latihan Kang Ipin nangenan meni ku tulaten bisi aya jurus-jurus nu salah.
Sok nyobaan jang, ana sebrut peureup kang Ipin ngabelesur kuring rewas sakedapan mah teu apal deui kuring ditarajang ngahaja meureun, kuring rikat ngagunakeun jurus pucuk awi kateubak angin, peureup nu ngabelesur teh pas ngaliwat teu kena sasabara senti ti irung, beungeut kuring ngalieus kakatuhu awak doyong kaharep rada ngenca kareret beuteng kang ipin kosong teunggeulen, geuwat kuring ngagunakeun pacokan caladi noktrok ku leungeu katuhu, tapi kang ipin surtieun replek kang Ipin ngobahkeun awakan dina jurus singa depok bari newak leungeun kuring nungagunakeu dua ramo pikeun notok tea, kaharti kukuring geuwat kuring ngarobah serangang ku jurus garuda ngapak, tapi ngepos keneh kang Ipin rikat koprol ka tukang bari ngagunakeun tejeh kuda beuger ana belesur dampal suku ampir hereupen beungeut numaksudna ngala irung kuring teu diengkekeun deui bitis kang ipin ditewak ku leungeun kenca kuring bari make kuda-kuda singa depok awak doyong kak tuhu siku kuring ditunjelkeun kana gado Kang ipin tapi orokaya kang ipin nemprakeun leungeun kencana nahan siku kuring bari di dorongkeng ngagunakeun jurus tembrak bumi antuk na di adu dua tanaga jeuro, kuring ngacleng dua meter ngagulutuk ka tukang kang ipin ngajengkang dua lengkah.

Prok….prok…prok , sora keprok kadenge rada anggang meh bareng kuring jeung kang Ipin ngalieuk nuturkeun eta sora, ana breh mama bari melenyeh imut,
“Hade….hade pisan Ipin lulus, anak mama ngalatih murid teh, kitu deui jang Leon geus bisa nguasaan elmu bela diri mama, ha…ha…ha..”  ceuk mama di tungtungan ku seuri.
(Nyambung…………….)



Anekdot


Bandar Tarasi

Aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek Beus tas dagang di Bandung.
Diuk di Beus gigireun wanoja. Ditengah jalan, si Aki teh kasarean, tibra pisan ,lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas
"Stop !!! Stop pinggir!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon ???" ceuk si Aki.
Si wanoja nembalan : "Tenang we Ki, kakara tepi ka Kadipaten".





 · 
ســـــــــمِ اللّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ 
نـَوَيْتُ صَوْمَ غـَدٍ عَـنْ ا َدَاءِ فـَرْضِ شـَهْرِ رَمـَضَانَ هـَذِهِ السَّـنـَةِ لِلـّهِ تـَعَالىَ
Yang Artinya :
"Sengaja aku berpuasa esok hari untuk menunaikan fardhu puasa pada bulan Ramadhan bagi tahun ini karena Allah Ta'ala







Tidak ada komentar:

Posting Komentar