maker gif

Minggu, 12 Agustus 2012

Carbung

Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 6)
Oleh Leon Eskenedi

Magrib jeung Isa ngadon solat di leumbur Mimi haji Saripah,  rengse solat kuring jeung kang Ipin  ngageudig nuju ka imahna mimi haji.
“Asalamualaikum………”  kang Ipin salam,
“waalaikum salam…”  ti jero imah aya nu nembalan, bray panto dibukakeun  breh dirohangan tamu, seueur jalmi nu caralik, teungah imah sabaraha urang istri ngaraos Al-quran,  “Alhamdulilah…Jang ustadz dongkap”  sora lalaki teungah tuwuh ngabageakeun kang Ipin jeung kuring.
Srog kang Ipin nyampeur keun nu geuring,  hiji awewe nu ngajepat teu empes-empes  pangawakan   jangkung jeung kuru  kira-kira umur  opat puluh dalapan taunan.
“Tos  sabara lami mimi haji kieu  teh , amang..?”  Kang Ipin nanya ka lalaki  nu tadi ngabageaken,  ceuk Kang Ipin mah  Mang Rohim teh raina Mama pituin jadi  kapi paman. 


“manawi alo, mimi teh tos tilu bulan kawas kieu , dua bulan ka tukang di rumah sakit, tapi taya hasilna, nya kapaksa di bawa balik”. Jawab mang Rohim.
“ Na, kumaha ngawitannana bisa kieu teh..?”  kang Ipin nanya deui,
“Ari, …”  reg,  heula mang Rohim eureun heula ngomongna bari kerung ,
“harita balik ti cai mimi  geubis mun teu salah ba’da asyar asana ”, mang Rohim teu kebat ngomongna,
“nya neupi ka teu sadar na, tug dugi ka kieu siga nu sare bae, jantung mah normal, nya kapaksa pasang impus ke lamun beak mamang  lapor ka dokter, kitu tah jang” . ceuk mang Rohim di tungtungan ku narik napas.
“Ke atuh urang cobian abdi ngadu’a” kang Ipin bari ngamimitian ngadu’a dituluykeun  ku dzikir,  kuring nurutan  dzikir  mentengkeun pikir ka Gusti Allah,  menang sojonjon  ngarapalkeun Asmaul Husna,  nu ngarariung ngilu nuturkeun ayat-ayat nu di rapalkeun  ku kang Ipin,  ti kajauhan hawar-hawar  angin ngageulebuk hawa beuki tiis, tingkorosakna dangdaunan beuki narikan,  ana keur kitu, nongtoreng aya sora anu aheng  “Hii…..hi…..hi…..hi….Hiii….hi…..hi…”
Nyirihil sora nu seuri pikasieuneun, hawa asa beuki niisan nu ngarariung ting korejat  rarewaseun, Ret kuring ka kang Ipin, sarua kang Ipin ge ngareret ka kuring,
“urang udag yu”  ceuk kang Ipin bari mere isarat unggek,  
Kuring teu ngajawab ngan saukur ungek.  Kojengkang kang ipin ninggal keun kamar laju ka luar ti mah, gurung gusuh kuring nuturkeun.
Jung  kuring cengkat nutur keun kang Ipin, Kang Ipin ngoreleng lumpat ka tukangeun imah  nuturkeun sora nu cicirihilan tadi,
 “ Tuh Jang ,…na dahan nangka” 
kang Ipin nuduh keun hiji mahluk nu keur ucang-ucangan, ret di reret  puringkak bulu punduk muringkak, jelas ka ciri kaen bodas geugeubayan  ka anginkeun,  buuk ngaringkiwik ngawig-wig  gimbal jeung panjang  beungetna camerok bodas, panonna teu jelas kacirina ngelemeng hideung kabeh.  Kalayang hibeur nyampeur keun kang Ipin bari seuri  
“hi…hi….hi……..hi…hi…hi…….hi….hi….hi”
“cicing didinya jang” ceuk kang Ipin ka kuring.
gajleng kang Ipin nyampeurkeun adu harepan  dangong bangun nu teu sieun.
“Saha sia” kang Ipin nyentak mahluk nu pakeanna ngagebay bodas, cirihil deui bari ngolebat hiberur deui, clek diuk na dahan buah tangkal nu anggangna tilu meter ti kang Ipin, 
“Turun siah”  kang Ipin ngagorowok bari tutunjuk, 
“hii….hi..hi…hi….”  eta jurig ngagayabag nyapeurkeun deui,  clek nangtung hareupeun kang Ipin, “jadi sia nu ngaheureuyan mimi haji teh hah” ceuk kang Ipin  bari molototan eta jurig,  “ngaing reuseup, hi..hi..hi..hi” ceuk eta jurig anggeur cicirihilan, “geuwat lesotkeun hukuman sia deuleu” kang Ipin nyentak deui, “Hii…hi…hi… sok ngamun ilaing bisa ngelehkeun wewesen ngaing hi..hi..hi” ceuk eta jurig ngomongna ngirung.
“Rasa keun yeuh”,  ceuk kang Ipin bari sebrut narajang ngagunak jurus gugur gunung, runtuyan peureup opan kali nimpug dina waku  nusakiceup, pos teungeulan kang ipin ngakan angin, eta jurig ngaleungit, breh kencaeun  Kang Ipin 
“Hi..Hi..Hii”  disusul  nejeh keun sukuna baringalayang,  rikat kang Ipin ngagunakaeun  jurus pucuk awi kateubak angin, awak doyong ka kahareup ngatuhu, tejehan jurig teu kena, di susul kang Ipin ngagunakeun  jurus tembrag bumi , hiuk angina ngahiuk  dapal leunguen duanana  di tembragkeun, pos deui teu kena ka eta jurig  kaburu ngaleungit deui, jleg tukangeun kang Ipin. Sebrut narajang kang  Ipin ngagunakeun ranggoasna leungeun anu karukuan nu paranjang jeung harideng,  teu eleh geleng kang Ipin koprol ka harep disusul ngagunakan tejeh kuda beuger, keplos deui tejehan kang ini ngakan angin deui, menang sawtara lila kitu jeung kitu we galunganna kang Ipin jeng eta jurig.
Lila-lila kang Ipin beakeun tanaga, kang ipin ka palingan tejehan eta jurig nengel ngakan dada kang Ipin, kang  Ipin ngacleng ka tukang kira-kira opat meter, gubrag kang Ipin labuh nangkarak  bari teu bisa hudang deui.
Jleng kuring luncat ngudak jurig anu keur seuseurian 
“hii…hi..hi..hi”  leus ngaleungit , bray katembong gelemeng gulungan haseup luhureun sumur nu geus ditutup ku pelur menang ngecor, lalaunan ngaleutikan leus eta haseup ngaleungit.

(Nyambung…………….)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar