maker gif

Kamis, 09 Agustus 2012

Carpon

Gajih Katilubelas Muragkeun Cimata
Oleh Leon Eskenedi


Bada pangaosan bral mustami baralik saimahna,salemburna, aya anu lempang aya nu kana mobilna, aya kanu mator masing-masing baralik ka lemburna, nya kitu kuring ge sarua cle kana motor dius miang jalan rada mudun da kabeneran ka landeuhkeun nya ari  tempat pangaosan si Mama pan ayana di gunung.

Masih ingeut keneh piwejang si Mama teh yen urang teh kudu mulang tarima kanu jadi kolot utamana mah ka indung anu ngadung, keuna ku 



istilah "Surga Itu ada di Telapak Kaki Ibu" kadituna aya dina wejangan agama, Allah moal ngahampura lamun Indung Bapak teu ngahampura, nya tidinya pisan nu jadi anak teh wajib mihormat, ngajungjung jeng mulang tarima kanu jadi kolot.
Motor geus mempeng jauh, pilemburan geus kaliwat geus asup ka daerah kota, ach niat balik ka imah teh moal waka rek nyimpang heula ka Mimi asa geus sabulan kuring can nepungan nu jadi indung mempeng rarineh keneh waktuna nya iraha deui da geuning kuring hese pisan rek pere teh teu bisa ninggalkeun pagawean beuh kumaha lamun kuring males barudak na saha nurek ngajar meureun teu raeng jeung matak gareulut bakal katempuhan atuh kuring teh.
Teu kacaritakeun deui di jalanna kuring geus teupi ka imah kilancek da Mimi teh ngilu nyiruruk di kilancek geus heubel tisaprak di tinggalkeun kunu jadi bapa nyakitu ki lancek hariwangeun Mimi di imahna nyorangan jeung jauh aya di pilemburan jadi nu jadi indung teh di bawa kaimahna, ti harita imah Mimi teh di jual nya di beulikeun deui kana tanah pas tukangeun imah kilancek pisan nu rencana rek nyieun deui iimahan lumayan tanah pameulian teh lega, Ari waragatna timana nya kitu kuring jeung kilanceuk udunan teu sakaligus eta ge, nungtutan ngumpulkeun bahan wangunannana,
Ayeuna emang geus lumayan kumplit kai geus menang loba, batu, bata jeung keusik geus karumpul tinggal prakna wae ngan ceunah ke bae ngadagoan meunang gajih ka tilu belas, da kabeneran Mimi menang pangsiunan guru. Ambeh sakalian waragat katambahan saeutik-eutikeun tina gajih tilu belas.
“Asalamualaikum” kuring uluk salam, kasampak Mimi keur diuk disopa bari lalajo TV, 
“euleuh Atep geuning...” tembal mimi bari hudang narima sumkem kuring,                               “kabeneran pisan,…Mimi teh rek ngabejakeun ka hidep Atep,  ke ngamimitian boga gawe teh ke mun geus narima gajih tilu belas” ,  ceuk mimi, padahal kalimat eta teh geus di bejakeun ka kuring sabulan katukang,  abong geus kolot pohoan pisan. 

“Insha Allah mi, Atep ge rek nyiapken naon-naon deui nu can aya” ceuk kuring bari gek diuk di korsi panon mah manco ka TV.


Nyambung…………………….






2 komentar: