maker gif

Sabtu, 11 Agustus 2012

Puisi




Hate Nu Pagaliwota
Bibie Dayank



Sawatara waktu katukang hate teu weleh ngalongkewang.
Kabeurat rasa duriat nu ngembat sapanjang mangsa kasorang,
teu weleh ngembat dina panjangna panineungan. 
Nogencang rasa,,,,,,, naha bet katideresa.

Naratas jalan kahirupan mungguh rembet ku gogoda jeung cocoba

Dina unggal lengkah aya harepan nu teu weleh marengan diri,
 miharep pancegna paniatan nu hamo unggut kalinduan moal gedag kaanginan.
 Kayakinan teu weleh manteng naon rupa nu dipilampah
 Insyaallah kenging Baroqah tinu Maha Kawasa.
Amin Ya Allah,,,,,,,,,,,,,

Hanjakal endahna ukur jadi kembang impian, 

nu moal lawas mapaesan pakarangan.
Sabab wanci nu pasini baris datang nagih jangji.

Naha enya mung abdi nu janten puputon kembang kadaton pikeun salira panutan,,? 

Mugia ,,, sok sanaos tawis kadeudeuh sesah pikeun kauntun tipung katambang beas,
 hamo teuing tiasa pasini jangji ngajatuk rami.

Nyarita mah anjeun teh seja mikanyaah tapi nyatana bet nandasa rasa, mere rungsing dina unggal sebitan kecap nu dikedalkeun. Nyipta cimata na mangsa anjeun cumarita.

Duuh tega teh kacida,,,,,,,,
Ya Allah naha bet serba salah kieu atuh ieu teh ,,

hayang teuing nuang markisa
amis kacida rasana
hirup kudu loba rumasa
sing emut kanu Maha Kawasa

subuh subuh papayungan
seja muru sisi kulah
Hirup kumbuh sauyunan
Nanjeurkeun agama ALLAH

Palupuh rek dicempedan
pake ranggon tangkal awi
hirup pinuh kanikmatan
Romadhon kasorang deui
Allhamdulilah


Hayang teuing nyalungsum kalbu nu pinuh kabingung,
malusur pikir nu keur rungsing. 
Tapi dalah dikumaha lengkah beurat kubangbaluh kamelang jeung karingrang.
Hapunten pangersa,,,,
sanes abdi ngantep salira nu katalingung gandrung

Hate teu weleh nganti kembang malati ligar ku wanci,
 puguh bathin kacida yakin kana jangji hamo pisan bisa udar deui.
Tapi geuning bet melengkung bekas nyalahan,,
 hmmm mana horeng mung saukur cau ambon dikorangan. Deudeuh nung,,,,,

Naha ayeuna bet beda kapirengna, taya deui gelenyu imut nu manis. 
Wanci geus suwung ku totonden nu kamari pinuh pangharepan salira mulang.
Boa teuing , , , , , kapegat ku gulidagna amarah.

Raga teu daya teu upaya, 
anging kupangersa Manten-NA 
diri usik malik tur kumelandang dialam dunya.
Ya Allah abdi nyanggakeun badan sakujur,
 mugia diri dipaparin kasabaran 
dina mayunan panyawat nu kiwari keur karandapan.
Amin Ya Allah,,,,,,,,!!!!







Tidak ada komentar:

Posting Komentar