maker gif

Sabtu, 04 Agustus 2012

Carbung


Jurig Nyiliwuri
(bagian ka 5)
Oleh Leon Eskenedi

Ngaguruhna sora cai nu murag  tina curug beuneur-beuneur ngaganggu dedengean kuring  nu sawatara lila kuring kudu diuk sila diluhur batu nuaanggana ngan tilu meter tina curug, panon peureum dampal leungeun  dianteul keun duanana pas hareupeun dada, ramo-ramo ditileupkeun ngan curuk duanana nudiacungkeun kaluhur pikiran hate jeung rarasaan dihijikeun kudu bisa ngawujudkeun rasa jeung hawa nu lepas tina sakuriling bungking  alam kasar.  Geus ampir tujuh kalina dina unggal peuting kuring  di latih ku mama tinggal sapeuting ieu anu pamungkas kuring kudu lulus ngagem elmu hikmah, sabenerna teu hese teuing keur kuring da nu samamehna kuring geus bisa neurapken elmu telepati nu sabeuneurna hampir ngabantu kana elmu nu ayeuna keur dilatih, lima puluh meter lebah 



hilir mama sarua diuk dina luhur batu tengah-teungah walungan  di luhur sisi curuh kang Ipin diuk nyarande handapeun tangkal bari ongkoh-ongkos negelepus udud bangun nungararenah bae,  karasa na batin mama ngageurendeng, “siap jang….tarima yeuh”  karasa dina pikiran hate jeung rasa aya barang nu manco ngala kana tarang, rikat ku kuring di sanggap bari ngagulungkeun tanaga jeuro, kep katararima  ana diilikan enog hayam, kadenge deui sora mama ngageurendeung dina bathin “seurang keun ka Jang Ipin …Jang” , meh poho kuring kana latihan “eh muhun hilap mama” dina hate. Dampal leungeu katuhu didemprakeun luhurna aya enoggan mata batin rasa jeung pikiran dihijikeun guna ciptakeun kakuatan ditujukeun kana endog , biwir ngarapal keun do’a,
 “Lahaola wala kuata ila bilahi aliyil adzim”  pas tamat do’a, les…endog leungit,  
“ha ha ha……….”  Hawar-hawar kang Ipin nyakakak ,  
“ayaaaa…. Lah Jang Leon”  gorowokna kang Ipin.  Ampir sapuluh kali na kitu jeung kitu alhamdulilah endog teu aya nu peupeus. 
“jaaang  hayu hanjat” sora mama ngagorowok teu nyangka deui mama geus aya di luhur.
Ti saparak kuring rengse latihan awak asa ngararenah  hararampang  tanaga asa nambahan geurakan asa leuwih rikat   ngagerentes nahate “nuhun gusti, kuring di pasihan kakiatan, barokah jeung hidayah”.
Angin ngahiliwir  asa leuwih tarik ting korosakna daun buah diaradu alatan katiup angin, bitis di tilepkeun kana dahan tangkal buah, awak murag ka handap leungeun duanana nahan beuheung, titingalian ti baralik  meunang sajam kuring nurutan kalong keur sare, 
“turun jang“, teu kanyahoan deui kang Ipin aya handapeun,  bitis di leupaskeun tina dahan clek kuring nangtung pas hareupeun kang Ipin, 
“aya naon kang Ipin”, kuring nanya. 
 “Ujang ngilu urang ngalongok Mimi haji Saripah, ceunah geus tilu bulan geuring anu aneh” ceuk Kang Ipin hariweuweus.
 “oh, nya mangga, iraha…?” tanya kuring  
“nya ayeuna pisan jang, perjalanan  aya kana sajam satengah mah, Ujang geus asyar..? “  ceuk kang Ipin ditungtungan nanya solat  
“entos di awal tadi” tembal kuring, 
“hayu atuh siap-siap”  ceuk kang Ipin bari ngaleos ninggalkeun,  sup ka imah kuring nuturkeun tukangeunnana. 

(Nyambung…………….)

1 komentar: